Kiwari mah jaman teh estuning cararanggih alias gancang kapanggih, anu kasebut hape sumebar kamana mana, kapasisian oge loba nu baroga hape ti mimiti tukang ngarit anu macul, tukang beca di kota baroga hape. Nu matak jelema teh jaman kiwari mah langka silaturahmi jarang paamprok jonghok jeung beungeutna masing masing nyuratan cukup ku SMSan atawa teteleponan.
Kaasup Si Nini Emeh, sanajan kaayaan keur werit anehna teh keur meuli fulsa nu hargana dua letereun beas oge kabedag wae, nepikeun ka konter konter oge sumebar ka unggal Kacamatan jeung di padesaan. Ngan si Nini mah teu bisa SMSan kawas budak ngora bisana ukur teteleponan atuh puguh we fulsa teh olok pisan. Anu jadi anehna kiwari ari meuli beas, beas raskin tapi hubungan ka imah make hape, aneh bin ajaib taktage.
Dimana jelema rek disebut miskinna ari kabedag keneh meuli fulsa ungal minggu mah. Ah dasar atu kiwari mah jaman edan sagala loba nu teu kaharti,…hehehe.
Dimana jelema rek disebut miskinna ari kabedag keneh meuli fulsa ungal minggu mah. Ah dasar atu kiwari mah jaman edan sagala loba nu teu kaharti,…hehehe.
Hiji mangsa mah si Nini rek indit ka kota, kapihapean meuli fulsa ku tatanggana.
“ Ni ,…,punten abdi bade titip pangmeserkeun fulsa anu dua puluh rebu,…ieu nomerna,…., anu hiji deui lima puluh rebu “ ceuk Mang Udin ka Si nIni. Kituna teh bari song ngasongkeun duit saratus rebu ka Si Nini.
Teu loba tatanya kudu kumaha kudu kumahana tah si Nini teh ngan koloyong weh indit geus dibahanan duit jeung nomer kartu hapena mah.
Barang datang ka konter nu aya di sisi kota, si Nini asup bari pok ngomong kieu: “Punten bade ngagaleuh fulsa nu hiji lima puluh rebu nu hiji dua puluh rebu”ceuk Si Nini pede pisan. Kituna teh bari song ngasongkeun nomer anu ditulis dina sacewir keretas jeung duitna saratus rebu.
Geus rengse diladangan sarta pamulanganana dibikeun ka si Nini, nu ngaladangan koloyong indit teuing kamana.
Aya kana sajamna nungguan Si Nini nungguan nu boga konter can song keneh wae mikeun fulsa. Saking ku kesel , nya si Nini ngawani wani maneh nanyakeun kanu boga konter tea.
“Punten Ujang dupi fulsa teh mana?”ceuk Si Nini polos.
“ Parantos dugi Nini,….tadi oge tos dikintunkeun”ceuk nu ngaladangan fulsa ka si Nini.
“ Haaar,……nya ku saha dicandakna, apan Nini nu katitipanana oge “ceuk Si Nini.
“ Teu kedah dicandak ku Nini atuh, da ayeuna mah tos canggih aya satelit” ceuk nu ngaladangan fulsa ngajentrekeun ka Si Nini Emeh.
“ Ih,….manawi teh anu disebat fulsa teh dikeresekan, hanas Nini mekel kantong keresek”ceuk Si Nini bari cicirihilan. Dupi Si Satelit teh urang mana Ujang?, nini mah teuacan kenal” ceuk Si Nini angger teu ngartieun kana satelit, disangkana ngaran jelema.
“ Satelit mah di luhur Nini”ceuk nu boga konter.
“ Oooooh, ………, wargina Gatotgaca panginten nya?”ceuk Si Nini.
“ Ih, dasar nini nini kolot ku maneh” ceuk nu boga konter bari ngaleos ka tukang.
Ari Si Nini kalah olohok ,……., angger teu ngartieun. cag ah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar