Nu Peryogi Bukuna kontak wae ka : 081214687474

NARAWANG


TAPAK LACAK NAGARA SUMEDANG LARANG
BAKAL AYA DI DASAR SAGARA JATIGEDE 

Baheula mah Sumedang teh katelahna nagara Sumedang Larang, anu jadi poko ngadegna nagara Sumedang Larang teh nyatana Prabu Resi Cakrabuana atawa nu katelah Prabu Tajimalela anu jeneng raja di taun 950-an (abad ka 10 ).
Nu munggaran ngadeg katelahna nagara Tembong Agung anu puseur dayeuhna di Leuwihideung pernahna di Kac Darmaraja. Numutkeun Layang Darmaraja Prabu Tajimalela teh kagungan putra tilu nu kahiji katelahna Prabu Lembu Agung nu kadua Prabu Gajah Agung nu katilu Sunan Geusan Ulun. Harita jaman karajaan mah anu jadi raja teh turun tumurun ka anak incu, ujaring carita harita ge Prabu Tajimalela nimbalan ka putrana anu dua Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung supaya daek jadi raja.
Ngan orokaya harita mah estuning paembung-embung ngarajaan teh ceuk adina raka wae ceuk lanceukna rai wae. Teu kawas jaman kiwari jadi pamingpin teh pahayang-hayang, sagala tunggul dirarung catang dirumpak antukna nepi ka bebeakan samalah kacaritakeun loba nu stres da beak modal gede, jeneng jadi pamingpin henteu.
Jaman harita mah Prabu Tajimalela nimbalan ka putrana teh estuning marugen jadi pamingpin boga pamikiran sieun teu bisa mingpin rahayat jigana, nepikeun ka pahiri-hiri alias pada embung jadi raja.
Antukna Prabu Tajimalela mawa kadua putrana  ka Gunung Nurmala anu ayeuna katelah Gunung Sangkanjaya, di tempat eta Prabu Tajimalela Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung sina narungguan duwegan kalayan disimpenan pedang maksudna sina pakuat-kuat nahan hanaang.
Prabu Gajah Agung sabot Prabu Lembu Agung ka cai murak eta duwegan ku pedang tea teu kuat ku hanaang, caina diregot. Ku eta ujian Prabu Tajimalela nimbalan sangkan nu teu kuat ku gogoda sangkan jadi raja daek teu daek wayahna Prabu Gajah Agung jadi ratu Lembu Agung jadi resina. Prabu Lembu Agung tetep tumetep di Leuwihideung Darmaraja anjeunna sasauran sakadar ngarajaan wae tumut ka pidawuh rama.
Nu mantak aya cacandran anu unggelna “ DARMARAJA DARMA NGARAJAAN , KADIPATEN KAPAPATENAN, INDRAMAYU KALALAYUAN “. Mimitina mah nu dijenengkeun jadi raja teh Prabu Lembu Agung nu sok disebut oge Prabu Lembu Peteng Aji tapi anjeunna teu kersaeun jadi ratu antukna diserenkeun ka Prabu Gajah Agung ari Prabu Lembu Agung jadi Resi. Prabu Lembu Agung ngagelarkeun rundayan di Darmaraja sedengkeun Prabu Gajah Agung ngadegkeun nagara di Ciguling lokasina di wilayah Kac Sumedang Selatan kiwari. Sedengkeun Sunan Geusan Ulun ngagelarkeun rundayanana di daerah Limbangan, Karawang jeung Brebes. Nu ngandeg nagara Sumedang Larang teh nyatana Prabu Gajah Agung anus ok disebut-sebut oge Prabu Pagulingan tea. Prabu Gajah Agung kakoncara ngagaduhan keris anu gagang jeung sarangkana tina emas nu katelah Ki Dukun, malah nepi ka kiwari ge kerisna aya keneh di Musieum Prabu Geusan Ulun Sumedang. Kuayana titinggal mangrupakeun keris hiji bukti yen Sumedang baheulana jaman nagara Sumedang Larang sugih ku pangarti beunghar ku pangabisa nepi ka gagang keris wae  ku emas ngandung harti bener-bener Sumedang teh ti baheula ngabogaan ajen sajarah nu teu eleh ku daerah sejenna. Mana payus pisan Sumedang dicanangkeun ku Bupati Sumedang 26 April dijadikeun Puseur Budaya Pasundan. Bukti-bukti sajarah Sumedang sagala nyampak di Musieum Prabu Geusan Ulun ti mimiti keris, tumbak jeung alat-alat perang ngabela karajaan jaman baheula.
Ku ayana bukti-bukti sajarah mangrupa pakakas jaman baheula gampang maluruhna yen Sumedang Larang dina abad ka 10  nagara nu kakoncara kamana-mana. Prabu Lembu Agung dimakamkeun  di Leuwihideung Darmaraja sedengkeun Prabu Gajah Agung makamna di Cicanting masih Kac Darmaraja. Ku ayana tapak lacak nagara Sumedang Larang rek dikeueum ku bendungan Jatigede makam Prabu Lembu Agung bakal dipindahkeun ka Gunung Lingga nurutkeun informasi mah kaasup situs-situs anu sejenna. Mun geus jadi cai ngemplang di bendungan Jatigede nu kabayang tapak lacak nagara Sumedang Larang bakal aya di jero sagara Jatigede. Sedengkeun situs makam Prabu Gajah Agung mah moal kakeueum  ku cai sabab ayana di luhur ti daerah genangan teh aya kana dua kilometerna. sabagian dicutat tina buku sajarah Sumedang.

home