Jalan Cadas Pangeran ngandung ajen Sajarah khususna pikeun urang Sumedang umumna mah bangsa Indonesia.Anu jadi sabab ieu jalan anu aya di lokasi Kab Sumedang teh baheulana tempat kerja paksa alias Rodi tea jaman pamarentahan Herman Willem Daendels .Nurutkeun Sajarah Gubernur Herman Willem Daendels teh kasohor sahaok kadua gaplokna matak dipikasieun malah disebutna oge Mas Galak atawa aya oge nu nyebut Mas Guntur.Boro-boro urang Sumedang dalah anu sabangsana oge loba nu careuceubeun akibat ku katelengesanana. Harita ujaring carita dina taun 1808-1811 satekah polah ieu Gubernur nu katelah Mas Galak teh ngupayakeun Pulo Jawa aman tina serangan Inggris nya diantarana nyieun jalan ti Anyer ka Panarukan Banyuwangi.
Pulsa
Kiwari mah jaman teh estuning cararanggih alias gancang kapanggih, anu kasebut hape sumebar kamana mana, kapasisian oge loba nu baroga hape ti mimiti tukang ngarit anu macul, tukang beca di kota baroga hape. Nu matak jelema teh jaman kiwari mah langka silaturahmi jarang paamprok jonghok jeung beungeutna masing masing nyuratan cukup ku SMSan atawa teteleponan.
Kaasup Si Nini Emeh, sanajan kaayaan keur werit anehna teh keur meuli fulsa nu hargana dua letereun beas oge kabedag wae, nepikeun ka konter konter oge sumebar ka unggal Kacamatan jeung di padesaan. Ngan si Nini mah teu bisa SMSan kawas budak ngora bisana ukur teteleponan atuh puguh we fulsa teh olok pisan. Anu jadi anehna kiwari ari meuli beas, beas raskin tapi hubungan ka imah make hape, aneh bin ajaib taktage.
Taraweh
Taun genep puluhan mah taraweh teh mani sok rame, beda jeung jaman kiwari harita mah ramena teh rame kunu hareureuy. Silih jongklokeun silih surungkeun teh lain bobodoan taraeh jaman harita mah bener-bener kudu gede tanaga.
Mun tanggal hiji puasa sok pinuh, tengah tengah bulan puasa mimiti ngurangan sajajar nepi ka sok tinggal imam jeung mamum duaan.
Tanggal lilikuran kakara pinuh deui da eta aya papais jeung opak sampeu kadang-kadang aya tambahna tumpeng ,nepi ka beres taraweh teh ambarayah ku remeh atuh pa lebe bagean beberesna.
Taun genep puluhan mah panakol bedug teh sok jadi lalakon pada marebutkeun da eta sok diparake heureuy. Lung kaditu,lung kadieu, antukna belentrang keuna kana tarang imam , atuh puguh we imam pundung teu daek deui ngimaman.