Nu Peryogi Bukuna kontak wae ka : 081214687474

Balanja Ka Swalayan

“Balanja di pasar kaget teh geus bosen ah!!" Ceuk Emeh, hayang aya kamajuan, hirup teh ulah tinggaleun jaman. Ayeuna mah jaman ERA GLOBALISASI, sagala pausahaan silih timpah. Sainget baheula keur jaman kuli nutu di Haji Abdullah sapoe teh lumayan sok meunang opat letereun beasna. Ayeuna mah geus loba pabrik teu bisa kuli nutu. Nyakitu deui si Aki mun baheula kuli macul ayeuna mah geus katimpah ku tarektor. Nu matak persaingan bisnis teh dina sagala widang ayeuna mah. Nu matak balanja ka pasar kaget teh geus kurang pantes ayeuna mah."Gengsi ah.....," ceuk Nini Emeh bari ngabulaeh ku seupah. Sisig nyenghel dina luhureun biwirna.
Kacaritakeun si Nini rebun-rebun keneh inditna ti Legok Hangseur teh. Tumpak ojeg si Bahim, "kade Him tong tarik-tarik teuingnya
ngajalankeun motor teh nini mah sok inggis murag ceuk" si Nini, "moal atuh Ni ......kira-kira kuring ge ngabonceng kolot mah, kamana tea ieu teh?"."Eeeehh.....masih tatanya keneh bae, apanan Nini teh rek balanja ka sawalayan, bejana babari balanja di sawalayan mah teu kudu tuwur tawar da geus dibandrol. Hoream balanja di pasar kaget mah sahiji barang ge nawar teh sok aya kana sajamna"."Hayu atuh....." ceuk si Bahim bari ngagas motorna.
Teu kacaturkeun di jalanan Nini Emeh geus nepi ka buruan swalayan GRIYA anu tokona ublug ablag sagala aya, ka tarasi-tarasi di jual di sawalayan. "Rek nungguan Him?..." ceuk si Nini." Ah nungguan we da moal lila lin balanjana oge. "Mending ge balik kadituh engke papagkeun deui ceuk si Nini". "Enya atuh....." ceuk si Bahim tukang ojeg. "Eh ...ari duitna?";' "Alaaah.... ke we sakalian atuh Bahim mani rewel pisan nya!!!!". Biur si Bahim mah balik deui ka tempat ngetemna di Babakan Legok Hangseur. Di palebah lawang ka swalayan aya budak gogorowokan ka indungna. "Maahh...tolong maahh!!!" ceuk budak. "Ada apa nak!!!" ceuk indungna. "Iiiiy takuut...ada drakula yang seperti di TV malem". Si Nini Emeh disangka drakula pedah biwirna beureum jeung nyenghel ku sisig dina biwirna. "Bukan drakula atuh itu mah; si Nini lagi nyeupah" Ceuk indungna. "Ooooh saya kira drakula": Nini Emeh teu ngartieun disebut drakula teh, hare-hare we, ngan sup weh ka swalayan Griya sendalna di laan da bisi kotor, sabot keur ngajingjing sandal si Nini nempo boneka paranti ngiklankeun BH jeung calana jero awewe. Disangkana jelema enyaan. "Neng kunaon mani pulgar kitu anggoan teh?".ceuk si Nini make nyaho ngaran pulgar sagala Teu nembalan da puguh ngaranna ge patung". Ih geulis-geulis torek" ceuk si Nini kukulutus. Sendal si Nini dipakekeun kana papatungan tea. "Ngawiat nya Neng!!1".ceuk si bari sup diasupkeun kana sukuna. Angger teu nembalan. "Ih ku kucem-kucem teuing budak teh" ceuk si Nini bari ngawewelkeun sisigna nu rek murag.
 atuh itu mah; si Nini lagi nyeupah" Ceuk indungna. "Ooooh saya kira drakula": Nini Emeh teu ngartieun disebut drakula teh, hare-hare we, ngan sup weh ka swalayan Griya sendalna di laan da bisi kotor, sabot keur ngajingjing sandal si Nini nempo boneka paranti ngiklankeun BH jeung calana jero awewe. Disangkana jelema enyaan. "Neng kunaon mani pulgar kitu anggoan teh?".ceuk si Nini make nyaho ngaran pulgar sagala Teu nembalan da puguh ngaranna ge patung". Ih geulis-geulis torek" ceuk si Nini kukulutus. Sendal si Nini dipakekeun kana papatungan tea. "Ngawiat nya Neng!!1".ceuk si bari sup diasupkeun kana sukuna. Angger teu nembalan. "Ih ku kucem-kucem teuing budak teh" ceuk si Nini bari ngawewelkeun sisigna nu rek murag.
Si Nini nurutan batur mawa karanjang anu didorong. Sup sup sagala pangabutuhna diasup-asupkeun kana karanjang. Teuing sabarahaeun balanjana da meuni pinuh karanjangna teh. "Kamana mayarna ieu teh Neng" ceuk si Nini ka palayan toko. "Ka payun we ka kzsir" ceuk palayan. Terus si Nini ka hareup neangan kasir, kurulang kuriling aya kana sajamna neangan kasir teu kapanggih. Moal kapanggih da lain kasir dulur jangkrik. Nini Emeh kukulutus ....."aneh nya kasir teh didieu mah digawekeun sina narima duit, da di teun Nini mah dipais kasir teh, cape ah balanja ka kota mah geuning,....jeung eta deuih mani loba pisan jelema di sawalayan nah" ceuk si Nini.
Aya nu karunyaeun...ka si Nini da puguh ayan kana sajamna kukurilingan neangan kasir. Aya naon Nini ? ceuk budak ngora. "Milarian kasir" pokna. "Eta kasir, payuneun". "Oooooh... jalmi geuning kasir teh didieu mah". "Ari kitu kumaha Nini??". "Manawi teh kasir saderek jangkrik Nini mah" Ceuk si Nini teu euleum-euleum. Geus beres babayar si Nini balik....di jemput ku si Bahim tukang ojeg tea. Geus nepi ka imah, si nini kakara inget sendalna tinggaleun dina papatungan tea. "Aduuuuh...him!! sandal tinggaleun euyyy..." ceuk si Nini. "Dimana tinggaleunna" ceuk si Bahim. "Di sawalayan..." ceuk Nini Emeh. "Keun we lah sandal capit geus pegat ieuh, karongsokan ge moal payu ceuk si Bahim bari narima duit ladang ngojeg ti Nini Emeh. Cag ah.**

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Next Prev home