Ari di pilemburan mah geus biasa mun marandi teh sok ka walungan, minangka na mah MCK-na. Harita keur usum halodo, aya nini-nini keur mandi di walungan. Ari di hilireunana aya si aki keur ngubek neangan keueum kulit tisuk anu sok disebut lulub tea. Ngan teuing naon nu jadi marga lantarannana, bet basa metot lulubna, si nini-nini nu keur mandi di girang jadi unggut-unggutan. Sihoreng bulu taeunna kajenggut, da saking ku panjang aya kana lima meterna. Karasa peureus dan didudut satarikna, panyangkana keueum lulub manehannana.
Ari rek ngagorowok, si nini teh era jigana mah. Antukna pabetot-betot. Tapi jigana elek tehnik ku si nini, taeun-na ku si nini bisa kagulung, tuluy dikupyak-kupyak kana cai. Teu loba ngomong tah si Aki nu neang lulub teh, terus we balik ka imahna. Maksudna engke rek ditanyakeun ka si nini, naha maling lulub teu ? Isukna langsung ditanyakeun ka si nini. Kieu nanyakeunana teh :
"Lain Nini, basa kamari keur di walungan kungsi mawa lulub kami teu ?
"Henteu. Naha kumaha kitu?"
"Enya lulub kami leungit, pan digulungkeun ku nini, terus dikupyak-kupyak apanan!!!"
ari si nini bingung . rek ngaku boga taeun panjang era, tapi ngaku nyokot da memang teu rumasa maling lulub. Ngan kulantaran era, antukna ngaku we maling lulub, sarta terus digantian ku duit sapuluh rebu.
Kulantaran ambek kana kajadian kamari, antukna taeun anu panjang tea teh dikerok nepi ka dugul na, bulistir kawas pasir nu tatangkalanana dibukbak. Kituna teh bari pamotongan taeunna digolongkeun kana urut aqua, kumaha wa ngagolong bola langlayangan.
Saking ku keuheul, sapeupeuting digebugan ku sorangan. "Taaah....ayeuna mah moal jadi fitnah maneh teh geus didugulan ku kami mah", cenah. Kituna teh bari dikepluk-kepluk kawas nepakeun nangka asak. Pluk....pluk... pluk.... cenah. Disada kekeplukan.
Kabeneran aya nu kaleungitan nangka asak di buruanana. Ngadenge di imah si nini aya nu kekeplukan jiga nu nepakan nangka asak, atuh manehna curinghak. "Taaah ..... di dieu jigana nu maling nangka kami teh", ceuk manehna.
Isukna ditanyakeun ka si nini, "Ari nini maling nangka badi teu ?". "Henteu!!, kuma kitu?", ceuk si nini kaget pisan. "Abdi leungit nangka, ku nini dikepluk-kepluk di kamar nya ?".
Si nini bingung deui bae. Ari ngaku maling.... dan memang teu maling. Ari bebeja ngepluk-ngepluk taeun...era. Antukna ngaku weh maling nangka. Nya digantian we sapuluh rebu. "Kasebelan teh, gara-gara panjang taeun, kami jadi dituding pulang paling. Jadol teh !!", ceuk si nini ambek-ambekan. Kituna teh bari brus pamotongan urut ngerok di ka hawukeun. Atuh puguh we hangit kaambeu kamana mendi.
Kabeneran aya nu leungiteun hulu domba, dan harita keur usum kurban. Barang ungas-ingus sihoreng di pawon si nini. Nya nu leungit hulu domba teh nanyakeun. "Ari nini maling hulu domba abdi?", cenah. "Naha kumaha kitu?", ceuk si nini beuki reuwas bae. Ieu nu katilu kalina katudingan. "Pan tadi abdi ngambeu bau hangit di dapur nini, sigana Nini keur meuleum hulu domba abdi nya ?
Atuh si nini bingung deui wae. Ari bebeja ngaduruk popotongan era. Ari rek ngaku maling da memang henteu. Antukna, jaga gengsi, si nini ngaku weh maling hulu domba. Nya teu eleh geleng digantian ku duit dua puluh rebut nu ieu mah. Cag ah..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar